Tuesday, October 6, 2015

TANBIH BAHASA SUNDA


 Ilâ Hadrotî Syekh Abdullôh Mubârok Bin Nur Muhammad ra.
Al-fâtihah…

TANBIH
Bismillâhirrohmânirrohîm
Ieu pangeling-ngeling ti Pangersa Guru Almarhum, Syekh Abdullôh Mubârok bin Nur Muhammad, panglinggihan di Patapan Suryalaya Kajembaran Rahmaniyah. Dawuhannana khusus kangge ka sadaya murid-murid, pameget istri, sepuh anom, muga-muga sing ginanjar kawilujengan, masing-masing rahayu sapapanjangna, ulah aya kabengkahan jeung sadayana.
          Oge nu jadi papayung Nagara sina tambih kamulyaannana, kaagungannana tiasa nangtayungan ka sadaya abdi-abdina, ngauban ka sadaya rayatna, di paparin karahardaan, kajembaran, kani'matan ku Gusti Nu Maha Suci dlohir-bathin.
          Jeungna sim kuring nu jadi pananyaan Thorîqot Qôdiriyyah Naqsyabandiyah Pondok Pesantren Suryalaya, ngahaturkeun kagegelan wasiat ka sadaya murid-murid poma sing hade-hade dina sagala laku lampah, ulah aya carekeun Agama jeung Nagara.
          Eta dua-duanana kawulaan sapantesna, samistina kudu kitu manusa anu tetep cicing dina kaimanan, tegesna tiasa ngawujudkeun karumasaan terhadap Agama jeung Nagara, taat ka Hadorot Ilahi nu ngabuktikeun parentah dina Agama jeung Nagara
          Inget sakabeh murid-murid, ulah kabaud ku pangwujuk nafsu, kagendam ku panggoda syetan, sina awas kana jalan anu matak mengparkeun kana parentah Agama jeung Nagara, sina telik kana diri bisi katarik ku iblis anu nyelipkeun dina bathin urang sarerea. 
          Anggurmah buktikeun kahadean sina medal tina kasucian : 
          Kahiji : ka saluhureun ulah nanduk, boh saluhureun harkatna atawa darajatna, boh dina kabogana, estu kudu luyu akur jeung batur-batur. 
          Kadua : ka sasama tegesna ka papantaran urang dina sagala-galana ulah rek pasea, sabalikna kudu rendah babarengan dina enggoning ngalakukeun parentahna Agama jeung Nagara, ulah jadi pacogregan pacengkadan, bisi kaasup kana pangandika "ADZÂBUN ALÎM" anu hartina pilara salawasna, ti dunya nepi ka aherat (badan payah ati susah).
  Katilu : ka sahandapeun ulah hayang ngahina atawa nyieun deleka culika, henteu daek ngajenan, sabalikna kudu heman kalawan karidoan, malar senang rasana,
gumbira atina, ulah sina ngarasa reuwas jeung giras, rasa kapapas mamaras, anggur ditungtun dituyun ku nasehat anu lemah lembut, nu matak nimbulkeun nurut, bisa napak dina jalan kahadean.
          Kaopat : ka nu pakir jeung nu miskin kudu welas asih, someah tur budi beresih, serta daek mere maweh, nganyatakeun hate urang sareh. Geura rasakeun awak urang sorangan kacida ngerikna ati ari dina kakurangan. Anu matak ulah rek kajongjonan ngeunah dewek henteu lian, da pakir miskin teh lain kahayangna sorangan, estu kadaring Pangeran.
          Tah kitu pigeusaneun manusa anu pinuh karumasaan, sanajan jeung sejen bangsa, sabab tunggal turunan ti Nabi Adam as. Numutkeun ayat 70 Surat Isro anu pisundaeunnana kieu : "Kacida ngamulyakeunnana Kami ka turunan Adam, jeung Kami nyebarkeun sakabeh daratan oge lautan, jeung ngarijkian Kami ka maranehannana, anu aya di darat jeung lautan jeung Kami ngautamakeun ka maranehannana, malah leuwih utama ti mahluk anu sejenna."
Jadi harti ieu ayat nyaeta akur jeung batur-batur ulah aya kuciwana, numutkeun ayat tina surat Almaidah anu sundana : "Kudu silih tulungan jeung batur dina enggoning kahadean jeung katakwaan terhadep Agama jeung Nagara, soson-soson ngalampahkeunnana, sabalikna ulah silih tulungan kana jalan perdosaan jeung permusuhan terhadep parentah Agama jeung Nagara." 
          Ari sebagi agama, saagamana-saagamana, nurutkeun surat Alkafirun ayat 6, "Agama anjeun keur anjeun, Agama kuring keur kuring." Surahna ulah jadi papaseaan, "Kudu akur jeung batur-batur, tapi ulah campur baur".
          Geuning dawuhan sepuh baheula : "Sina logor dina liang jarum, ulah sereg di buana." Lamun urangna henteu kitu, tangtu hanjakal di ahirna. Karana anu matak tugenah terhadep badan urang masing-masing eta teh tapak amal perbuatannana. Dina surat Annahli ayat 112 diunggelkeun anu kieu : "Gusti Allôh geus maparin conto pirang-pirang tempat, boh kampungna atawa desana atawa nagarana, anu dina eta tempat nuju aman santosa, gemah ripah loh jinawi, kari-kari pendudukna (nu nyicingannana) teu narima kana ni'mat ti Pangeran, maka tuluy bae dina eta tempat kalaparan, loba kasusah, loba karisi jeung sajabana, kituteh samata-mata pagawean maranehannana."
 Ku lantaran kitu, sakabeh murid-murid kudu arapik tilik jeung pamilih, dina nyiar jalan kahadean lahir bathin, dunya aherat sangkan ngeunah nyawa betah jasad, ulah jadi kabengkahan, nu disuprih, CAGEUR BAGEUR.
Teu aya lian pagawean urang sarerea Thorîqot Qôdiriyyah Naqsabandiyah Pondok Pesantren Suryalaya, amalkeun kalawan enya-enya, keur ngahontal sagala kahadean dohir bathin, keur nyingkahan sagala kagorengan dohir bathin, anu ngeunaan ka jasad utama nyawa, anu dirungrung ku pangwujuk napsu, digoda ku dayana setan. Ieu wasiat kudu dilaksanakeun ku sadaya murid-murid, supaya jadi kasalametan dunya rawuh aherat. Amîn...

Patapan Suryalaya, 13 Pebruari 1956
Ieu wasiat kahaturkeun Ka sadaya ahli-ahli



(SYEKH AHMAD SHÔHIBULWAFÂ TÂJUL’ÂRIFÎN)
Ilâ Hadrotî Syekh Ahmad Shôhibulwafâ Tâjul’ârifîn ra. Al-fâtihah…

Ranggeuyan Mutiara :

1.    Ulah ngewa ka Ulama anu sajaman
2.    Ulah nyalahkeun kana pangajaran batur.
3.    Ulah mariksa murid batur.
4.    Ulah medal sila upama kapanah.

KUDU ASIH KA JALMA ANU MIKA NGEWA KA MANEH

Bikaromatî Syekhinal Mukarrom Syekh Muhammad Abdul Gaos Saefullôh Maslul         Al-qôdiri An-naqsyabandi Al-kâmil qs. Al-fâtihah…

 


No comments:

Post a Comment